Senin, 23 Juli 2012

CITRA PEREMPUAN DALAM BUDAYA SUNDA

Bagaimanakah kedudukan wanita di Jawa Barat? Khususnya dalam perspektif budaya Sunda? Setidaknya ada dua pandangan yang berlawanan tentang hal ini. Pertama mereka yang memandang bahwa Budaya Sunda sangat menghormati kedudukan wanita, dan kutub berikutnya yang secara ekstrim menunjukkan bahwa wanita Sunda seringkali terpojokkan pada satu posisi yang lebih buruk mengenai citra dirinya.

Kurang Nyusu

Bubar Jumaahan barudak tinglaliud hareupeun kios vcd bajakan nu lolobana ngajual kasét video klip amatiran. Loba pisan “penggemarna”  video klip nu kitumah, dalah mun aya dina nu hajatan gé rajeun sok pada ngajugjugan pajarkeun téh itung-itung ronggéng baheula.
Beuki meuweuhna jelema nu resep nongton kana sarupaning orat nu diobral, ceuk si Adun mah etatéh masalah nu gedé kacida jeung jelas éfistemologina cenah semu édég. Barudak bengong nempo pamolah si Adun nu siga kacalikan téh.

“Déngékeun siah”, cenah.  “Da lamun silaing kabéh nyusuna parat dua taun mah can tangtu pakokolot resep untap intip jeung tuang toong, komo ngahajakeun nempokeun orat mah”. “Pédah ilaing nyusuna parebut jeung bapa manéh, atawa dihilian ku susu sapi tah balukarna iliaing pan resep pisan kana paoratan téh, antukna nagara kacow, malah pamaréntah kudu nyieun satgas sagala, da di lembur déwék mah baheula satgas téh kumendan hangsip. (16 Maret 2012)