Manéhna
nyérangkeun,
kukuring ditéang. Semu éra kawasna, teuing sieun, boa ijid. Basa ditalék
manéhna
ngakuna Adil. Adil? Asa geus lila teu kadéngé éta ngaran téh. Paingan atuh teu wawuh. Beungeutna haropak
awak badis rorongkong lain babasan. Pakéna rubag-rabig siga geus lila teu ngambeu cai,
boa nu makéna ogé sarua. Teu kapaliré.
Ditalék
deui ti mana atawa ka mana waé ngakuna teu kamamana, mun teu panggih da geus
teu dipikabutuh cenah. Hareneg. Naha enya? Boa heueuh. Ceuk saha, cekéngtéh,
kuringmah butuh. Enya cenah matak nyérangkeun ogé. Tulungan, cenah. Naha tibalik? Pan kuring nu
perlu pitulung téh ti Sang Adil.
Tampilkan postingan dengan label Fikmin. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Fikmin. Tampilkan semua postingan
Rabu, 15 Oktober 2014
Minggu, 01 Juni 2014
JALAN CAGAK
Sora khotib ngagalindeng “man
amana billahi wal yaumil akhir, qul khoiron au liyasmut-mun aranjeun ngaku
iman ka Allah jeung poé akhir, mangka ngomong nu hadé atawa mending jempé”
Kadéngé deui sora Arman,
“Pa, kieu yeuh… ieu isu nu kuurang diangkat dina biantara énjing, nu
penting rahayat asa kawakilan sorana, tapi abdi gé tos ngobrol sareng si boss,
anjeuna sayaga modal awal cenah nu penting ké dina jadina proyék ka manéhna”
(22 Maret 2012)
Minggu, 13 April 2014
Nu Balik Malem Lebaran
Leuseuh da puguh lalampahan jauh, jaba tiris kabina-bina
abong janari usum katiga.
Sagala rasa kaubaran basa anjog panto aya nu mukakeun, geus titadi
siganamah manéhna nungguan.
Tuh enya manéhna kaluar. Teu kawawa sono, komo basa sakolépat
nempo si bungsu keur narima telepon, ti akina kitu? “Mamaaaah” Kadéngé budak
ngageroan indungna. “Ieu aya telepon ti Ua”.
Oh geuning ki Lanceuk
nu nelepon téh. Aéh heueuh kamana nya, naha teu bareng pan inditmah
reureujeungan.
“Halow, …Kumaha?... Gustiiiiii! Telepon ngulapés nu narimana
sigana kapiuhan.
Panasaran nya ngomong naon ki lanceuk téh. Kadéngé halon aya
kénéh sora, “Sabar nyai, geus titis tulisna meureun, ayeuna gé akang di rumah
sakit kénéh da sarua sa beus atuh nyuksruk di Godebag”.
Jumaah, 2 Agustus 2013
Senin, 23 Juli 2012
Kurang Nyusu
Bubar
Jumaahan barudak tinglaliud hareupeun kios vcd bajakan nu lolobana ngajual kasét video klip amatiran. Loba pisan
“penggemarna” video klip nu kitumah,
dalah mun aya dina nu hajatan gé
rajeun sok pada ngajugjugan pajarkeun téh
itung-itung ronggéng baheula.
Beuki meuweuhna jelema nu resep nongton kana sarupaning orat nu
diobral, ceuk si Adun mah etatéh
masalah nu gedé kacida jeung jelas
éfistemologina cenah semu édég. Barudak bengong nempo pamolah si Adun nu siga kacalikan téh.
“Déngékeun siah”, cenah. “Da lamun silaing kabéh nyusuna parat dua
taun mah can tangtu pakokolot resep untap intip jeung tuang toong, komo
ngahajakeun nempokeun orat mah”. “Pédah ilaing nyusuna parebut jeung bapa
manéh, atawa dihilian ku susu sapi tah balukarna iliaing pan resep pisan kana
paoratan téh, antukna nagara kacow, malah pamaréntah kudu nyieun satgas sagala,
da di lembur déwék mah baheula satgas téh kumendan hangsip. (16 Maret 2012)
Langganan:
Postingan (Atom)