Leuseuh da puguh lalampahan jauh, jaba tiris kabina-bina
abong janari usum katiga.
Sagala rasa kaubaran basa anjog panto aya nu mukakeun, geus titadi
siganamah manéhna nungguan.
Tuh enya manéhna kaluar. Teu kawawa sono, komo basa sakolépat
nempo si bungsu keur narima telepon, ti akina kitu? “Mamaaaah” Kadéngé budak
ngageroan indungna. “Ieu aya telepon ti Ua”.
Oh geuning ki Lanceuk
nu nelepon téh. Aéh heueuh kamana nya, naha teu bareng pan inditmah
reureujeungan.
“Halow, …Kumaha?... Gustiiiiii! Telepon ngulapés nu narimana
sigana kapiuhan.
Panasaran nya ngomong naon ki lanceuk téh. Kadéngé halon aya
kénéh sora, “Sabar nyai, geus titis tulisna meureun, ayeuna gé akang di rumah
sakit kénéh da sarua sa beus atuh nyuksruk di Godebag”.
Jumaah, 2 Agustus 2013
Tidak ada komentar:
Posting Komentar