Rabu, 15 Oktober 2014

ADIL

Manéhna nyérangkeun, kukuring ditéang. Semu éra kawasna, teuing sieun, boa ijid. Basa ditalék manéhna ngakuna Adil. Adil? Asa geus lila teu kadéngé éta ngaran téh. Paingan atuh teu wawuh. Beungeutna haropak awak badis rorongkong lain babasan. Pakéna rubag-rabig siga geus lila teu ngambeu cai, boa nu makéna ogé sarua. Teu kapaliré. Ditalék deui ti mana atawa ka mana waé ngakuna teu kamamana, mun teu panggih da geus teu dipikabutuh cenah. Hareneg. Naha enya? Boa heueuh. Ceuk saha, cekéngtéh, kuringmah butuh. Enya cenah matak nyérangkeun ogé. Tulungan, cenah. Naha tibalik? Pan kuring nu perlu pitulung téh ti Sang Adil.

Tidak ada komentar: